Minggu, 25 September 2022

Nadzom Jurumiyyah Bag-1


 البسملة *

Perlu keur kabeh anu rek tumandangna      # Kana hiji fan ngabahas basmallah na

Make jurusan anu munasabah na                # Saluyu jeung fan anu rek dibahasna

 

Nuturkeun qur’an anu dimimitian              # Ku basmallah awal surat dina Qur’an

Dawuh Nabi perkara teu bismilahan           # Ngajadi kurang sabab teu barokahan

 

Ba dina basmallah nurutkeun nahwu na     # Huruf jar asliyyah tawa zaidah na

Asliyyah boga harti jeung ta’alluqna           # Zaidah henteu harti jeung ta’alluqna

 

Ta’alluq ba mun huruf jar asliyahna           # Aya dalapan dina kira-kirana

Rek ‘Am anu umum pagaweanana             # Tawa Khos nu tangtu pagaweanana

 

Ismiyyah atawa fi’liyyah jumlahna              # Muqoddam tawa muakkhkhor disimpen na

Jadi jumlah dalapan kabehanana                 # Pek ku anjeun taqdirkeun hiji-hijina

 

Lamun ba jadi huruf jar zaidah na               # Sajumlah basmallah jadi mubtada na

Khobar mubtada na di kira-kirana              # Cicing dina ba’da jumlah basmalhna

 

Lapadz ismi jadi majrur tarkiban na            # Anu dijeerkeun ku ba haraf jar na

Lapadz Allohi jadi Mudof ileh na               # Tina lapadz ismi nu jadi mudlof na

 

Lapadz Arrohmani sipat kahijina                # Lapadz Arrohimi sipat kaduana

Tina Allohi nu jadi maosuf na                    # Wajib jeer nurut kana maosufna

 

Lapad Arrohman Arrohim dibacana           # Salapan jalan pendapat Ulama na

Rohmani Rohimi Jeer duanana                   # Rohmana Rohima nasab duanana

 

Rohmanu Rohimu rofa’ duanana               # Rohmani Rohimu jeer jeung rofa’ na

Rohmani Rohima jeer jeung nasab na         # Rohmanu rohima rofa’ jeung nasab na

 

Rohmana rohimu nasab jeung rofa’ na       # Jadi jumlahna aya tujuh kabehna

Eta tujuh jalan meunang dibacana               # Sesa dua jalan anu dicegahna

 

Rohmanu rohimi rofa jeung jeerna             # Rohmana rohimi nasab jeung jeerna

Eta dua jalan ulah dibacana      # Sabab itba’ ba’da qotho’ dilarangna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nadzoman Jurumiyyah Bagian 3

  * باب الكلام * Ari kalam nurutkeun ahli nahwu na       # Perkara nu kumpul kayid nu opatna Lapadz murokkab mufid reujeung wadlona   ...