* باب الكلام *
Ari kalam nurutkeun ahli nahwu na # Perkara nu kumpul kayid nu opatna
Lapadz
murokkab mufid reujeung wadlona # Kudu
kumpul syarat dina kalam na
Ari lapadz
teh sora anu ngurungna # Kana
sawareh huruf Hija Iyyah na
Saperti
lapad (زَيْدٌ) contona # Zay iya jeung dal huruf
hija iyyah na
Murokkab
teh perkara anu disusun # Tina dua
kalimah tawa leuwihan
Contona saperti
(زَيْدٌ قَائِمٌ) # Tina kalimah isim fiil
disusun
Mufid teh perkara nu mere faedah # Hingga mutakallim jeung mustami’ repeh
Nu ngomong
teu nuluykeun deui omongan # Nu ngadenge
teu nanya deui omongan
Sabab mubtada na geus aya khobaran # Kitu deui fi’il geus aya fa’ilan
Jeung
syaratna oge geus aya jawaban # Kitu
kaayaan mufid sampurnaan
(زَيْدٌ قَائِمٌ) Mubtada
khobaran # (قَامَ زَيْدٌ) Fi’il aya
fa’ilan
(إِنْ قَامَ زَيْدٌ قَامَ عَمْرٌ) Contoan # Pikeun Syarat anu geus aya
jawaban
Ari wadlo teh ngajadikeun lapadzna # Supaya nuduhkeuna kana hartina
Bahasa arab
anu ngandung hartina # Sarta
diucapkeun bari ngahajana
Babagian
kalam eta aya tilu #
Kalimah isim fiil harap katilu
Tegesna
kalam disusun kunu tilu # Dua
kalimah tawa leuwih sing timu
Lamun kumpul
isim fiil jeung harafna # Eta dingaranan
kalim ceuk ulama
(قَامَ زَيْدٌ) kalam
henteu kalim na # (إِنْ قَامَ زَيْدٌ) kalim teu
kalam na
(قَدْ قَامَتِ الصَّلَاةُ) eta
contona # Pikeun kalam
jeung kalim keur pakumpulna
Qaol lapad
nuduhkeun harti mutlakna # Kalimah kalam
kalim bisa asup na
Kalimah isim bisa dikanyahokeun # Ku dua cara pek ku anjeun jalankeun
Hiji ku
jalan nganyahokeun ta’rifna # Nyaeta
patokan kalimah isim na
Nyaeta kalimah anu nuduhkeun na # Kana harti dina awakna sorangan
Ku zaman nu
tilu henteu dibarengan # Madli hal
jeung istiqbal teu katerapan
Zaman madli waktu nu geus kaliwatan # Zaman hal waktu nu eukuer karandapan
Zaman
istiqbal waktu nu bakal datang # Ulah
asup kalimah isim sing terang
Dua ku jalan nganyahokeun cirina # Khusus terap kana kalimah isimna
Ciri
kalimah isim opat rupana #
Hayu urang sebutan hiji-hijina
Hiji khofad nyaeta jeer tungtungna # Tingkah jeer dina tungtung kalimahna
Cara khofad
bisa ku tilu jalan na # Jadi
majrur kaasupan huruf jar na
Huruf
Tukang ngajeerkeun kalimahna # Tawa huruf
qosam paranti sumpahna
(مِنَ الْمَسْجِدِ) conto ku
huruf jarna # (وَاللهِ) conto make
huruf sumpahna
Atawa
khofad ku jalan idlofatna # Jadi
mudlof ileh kaayaanana
(غُلَامُ زَيْدٍ) nu jadi
contona # Mudlof ileh
nyarande kana mudlofna
Atawa
khofad ku jalan tawabe’ na # Jadi
sipat ataf taukid badal na
(بِزَيْدٍ أَخِيْكَ) jadi
contona # Barisna
nuturkeun kumaha matbu’ na
Ciri isim kadua aya tanwin na # Nyaeta nun sukun di tuntung isim na
Ngan saukur
aya dina ucapan na # Euweuh dina
waqof reujeung tulisan na
Ari tanwin eta opat kabagina # Tamkin ka-hijina tankir ka-duana
Tanwin muqobalah
anu ka-tiluna # Tanwin iwadl
tanwin anu ka-opatna
Tanwin
Tamkin tanwin kaayaanana # Dina
tungtung kalimah isim mu’robna
Salianti
jama muannas salim na # Lapadz (زَيْدٌ) eta jadi contona
Tanwin
Tankir tanwin kaayaanana # Dina
tungtung kalimah isim mabni na
Ngarah beda
ma’rifat jeung nakirohna # Lapadz (سِبَوَيْهٍ) jadi contona
Tanwid
Iwadl tanwin jadi gagantina # Tina
hurup isim atawa jumlahna
Lapadz (جَوَارٍ) eta jadi contona # (جَوَارِيٌ) tanwin ngaganti hurufna
(كُلٌّ) conto ganti kalimah isim na #
(كُلُّ وَاحِدٍ) anu jadi
asalna
(حِيْنَئِذٍ) conto ngagantian jumlah #
Ayat dalapan opat surat Waqi’ah
(حِيْنَئِذْ
بَلَغَتِ الرُّوْحُ الْحُلْقُوْمَ) # Lapadz (حِيْنَئِذٍ) jadi gagantina
Tanwin jadi
gaganti tina jumlahna # ‘Iwadl
‘anil jumlah eta kasebutna
Tanwin
muqobalah tanwin nu ayana # Dina
tungtung jama muannas salim na
(مُسْلِمَاتٌ) eta nu jadi contona #
Ngabanding nun jama mudzakar salimna
Ciri isim
katilu ku katerapan # Alif
elam kalimah isim awalan
Zaidah
maosul tawa ma’rifat na # (اَلْكَلَامُ) eta nu jadi contona
Kalimah fi’il bisa dikanyahokeun # Ku dua cara pek ku anjeun jalankeun
Hiji ku
jalan nganyahokeun ta’rifna # Nyaeta
patokan kalimah fi’ilna
Nyaeta kalimah anu nuduhkeun na # Kana harti dina awakna sorangan
Ku zaman nu
tilu bari dibarengan # Madli hal
jeung istiqbal sok katerapan
Zaman madli waktu nu geus kaliwatan # Zaman hal waktu nu eukuer karandapan
Zaman istiqbal
waktu nu bakal datang # Asup kalimah
fi’il kade pohoan
Dua ku jalan nganyahokeun cirina # Khusus terap kana kalimah fi’ilna
Ciri
kalimah fi’il aya opat na #
Hayu urang sebutan hiji-hijina
Hiji qod fi’il madli sok katerapan # Fi’il mudore sami sok katerapan
Qod terap
fi’il madli keur (لِلتَّحْقِيْقْ) na # Pikeun
nganyatakeun pagaweanana
(قَدْ أَفْلَحَ) eta nu
jadi contona # Conto pikeun qod nu ma’na littahqiqna
Kitu deui
qod fi’il madli (تَقْرِيْبْ) na # Pikeun ngadeukeutkeun pagaweanana
Lapadz (قَدْ قُمْتُ) eta jadi contona # Kitu deui qod pikeun (لِلتَّوَقُّعْ) na
Pikeun nibakeun
dina pagaweana # (قَدْ قَامَتِ الصَّلَاةُ) jadi
contona
Ngan mun
terap kana fi’il mudlore na # Eta (لِلتَّقْلِيْلْ) pikeun
nyaeutikeuna
(قَدْ يَصْدُوْقُ الْكَذُوْبُ) jadi
contona # Kitu deui (لِلتَّحْقِيْقْ) aya cirina
Pikeun
nganyatakeun pagaweanana # (قَدْ يَعْلَمُ) eta nu jadi contona
Kitu deui (لِلتَّكْثِيْرْ)
ngalobakeun na # (قَدْ نَرَى) eta anu jadi contona
Kadua sin
saufa nu katiluna #
Khusus terap kana fi’il mudlore na
(سَيَقُوْلُ) jadi conto sin
tanfis na # (سَوْفَ يَقُوْلُ) conto saupa taswif na
وَسِيْنُ تَنْفِيْسٍ تَدُلُّ الْقَرِيْبَةْ # وَسَوْفَ تَصْوِيْفٍ تَدُلُّ
الْبَعِيْدَةْ
Sin tanfis
nuduhkeun zaman anu tereh # Saufa taswif
tuduh zaman lila keneh
Opat kaasupan ta ta’nis sakinah # Ta anu sukun dina tungtung kalimah
Ta pikeun
nuduhkeun kana muannasah # Khusus
pikeun fi’il madli geus merenah
Lapadz (قَالَتْ) eta ngajadi
contona # Ta ta’nis asup kana
fi’il madli na
Paragat
ciri keur kalimah fi’ilna # Ngarah
beda reujeung kalimah isim na
Kalimah haraf bisa dikanyahokeun # Ku dua cara pek ku anjeun jalankeun
Hiji
kujalan nganyahokeun ta’rifna #
Nyaeta patokan kalimah harap na
Nyaeta kalimah anu nuduhkeuna # Kana harti dina salian awakna
Tegesna
nempel kana awak sejen na # Reujeung
kalimah isim tawa fi’il na
Dua ku jalan nganyahokeun cirina # Khusus terap kana kalimah harapna
Ciri
kalimah haraf teu narimana #
Kana ciri kalimah isim fi’il na
Kalimah anu teu pantes narimana # Kana ciri kalimah isim fi’ilna
Malah
kalimah harap jadi cirina #
Pikeun kalimah isim tawa fi’il na
Ari huruf kabagi dua eusina # Ceuk Imam Gholayini dina kitab na
Kitab
Jami’ud Durusul ‘Arobiyah # Karangan
kitab anjeuna geus katelah
Hiji (مَبْنًى) huruf anu
dipakena # Pikeun nyusun
dina hiji kalimahna
Huruf hija
iyyah dua dalapan na # Sok
dipake nyusun dina kalimahna
Dua (مَعْنًى) huruf nu teu
sampurnana # Mun teu nyambung jeung
isim tawa fi’ilna
Eta nu
dimaksud kalimah haraf na # Dina
nahwu jadi bagian kalam na
Huruf (مَعْنًى) dua dalapan
eusina # Hayu urang sebutan
hiji-hijina
Huruf
(نَفِيْ) pikeun
ngaleungitkeunana # (لَمْ) (لَمَّا) (لَنْ) (إِنْ) (مَا) (لَا) (لَاتَ) eusina
Huruf
(جَوَابْ) eta pikeun
ngajawabna # (نَعَمْ) (بَلَى) (إِيْ) (جَيْرِ) (كَلَّا) (لَا) (إِنَّ)
Huruf
(تَفْسِيْرْ) pikeun
ngajelaskeunana # (أَيْ) jeung (أَنْ) eta nu jadi eusina
Huruf
(شَرَطْ) eta pikeun
nyaratkeun na # (إِذْمَا) (إِنْ) jeung (لَوْ) jadi eusina
(لَوْلَا) (لَوْمَا) (أَمَّا) jeung (لَمَّا) na # Eta ge sami jadi huruf (شَرَطْ) na
Huruf
(عِرْضِيْ) eta huruf
keur nyindirna # (أَلَا) (أَمَا) jeung (لَوْ) eta eusina
Huruf
(تَنْبِيْهْ) eta pikeun
ngelingan na # (أَمَا) (أَلَا) (هَا) jeung (يَا) jadi eusina
Huruf
(مَصْدَرِيَّهْ) kalimah
ba’da na # Eta ngajadi ta’wil
dina masdar na
(أَنْ) (أَنَّ) (كَيْ) (مَا) ngajadi eusina #
Kitu deui (لَوْ) (هَمْزَهْ تَسْوِيَهْ) na
Huruf
(إِسْتِقْبَالْ) huruf keur
nuduhkeuna # Kana zaman keur pihareupeunana
(سِيْنْ) (سَوْفَ) (إِنْ) (إِذمَا) eta eusina # (عَامِلْ نَوَاصِبْ) (لَامْ أَمَرْ) (لَا نَهْيِ) na
Huruf
(تَوْكِيْدْ) pikeun
nguatanana # (أِنَّ) (أَنَّ) jeung (قَدْ) nu jadi eusina
(لَامْ إِبْتِدَاءْ) jeung nun
dua taukid na # Lam ba’da qosam eta
sami eusina
Huruf
(إِسْتَفْهَامْ) pikeun
pertanyaan na # (هَمْزَهْ) jeung (هَلْ) eta nu jadi eusina
Huruf
(تَمَنِّيْ) pikeun
ngarep-ngarep na # Anu moal atawa hese
buktina
(لَيْتَ) (لَوْ) jeung (هَلْ) jadi eusina #
Pikeun huruf (تَمَنِّيْ) kitu ayana
Huruf
(تَرَاجِيْ) pikeun
ngarep-ngarep na # Nu diharep jeung
mumkin dina buktina
Eusina mah
ngan ukur hiji-hiji na # Nyaeta (لَعَلَّ) nu jadi eusina
Huruf
(إِشْفَاقْ) mikarempan
perkarana # Nu dipikangewa jeung sieun
jadina
Eusina ge
ngan ukur hiji-hiji na # Nyaeta
(لَعَلَّ) jiga Huruf
(تَرَاجِيْ) na
Huruf
(تَشْبِيْهْ) pikeun
nyarupakeunana # (كَافْ) jeung (كَأَنَّ) eta jadi eusina
Huruf
(صِلَّهْ) huruf nu
boga ma’nana # Anu zaidah pikeun
nguatanana
(إِنْ)(أَنْ)(مَا)(مِنْ) jeung (بَاءْ) nu jadi eusina # (صِلَّهْ) nu lain dina elmu tajwidna
Huruf
(تَعْلِيْلْ) huruf
pikeun ngelatan na # (كَيْ) (لِـ) (فِيْ) jeung (مِنْ) nu jadi eusina
Huruf
(زَجْرٌ) eta huruf
keur nolak na # (كَلَّا) jadi eusi ngan hiji-hijina
Huruf
(لَامْ) anu
rupa-rupa eusina # (لِـ) huruf jar (لِـ) amar (لَـ) ibtida na
(لِـ) bu’dun nu asup isim isyaroh na # (لَـ) jawab (لَـ) qosam jeung (لِـ)lam juhud na
Huruf
(تَاءْ
تَأْنِيْثْ سَاكِنَهْ) nu asupna # Khusus asup kana fi’il madli na
Huruf
(سَكَتْ) eta Ha anu
sukun na # Anu milu dina tungtung
kalimah na
Huruf
(طَلَبْ) huruf
pikeun pamentana # Lam amar jeung La
nahyi jadi eusina
Kitu deui
Huruf Tahdidl jeung ‘Irdli na # Huruf
tamanni jeung huruf taroji na
Huruf
(تَنْوِيْنْ) huruf nun
anu sukun na # Ngan saukur aya dina
ucapan na
Euweuh dina
waqof reujeung tulisan na# Diluhur geus dibahas kabehanana
Huruf
(نِدَاءْ) huruf
pikeun ngagerona # Bakal dibahas dina
bab munada na
Huruf (عَطَفْ)huruf pikeun nyambungkeun na # Sami dibahas engke dina atap na
Huruf
(نَوَاصِبْ) tukang
nganasabkeuna # Huruf
(جَوَازِمْ) tukang
ngajazemkeuna
Duanana eta
bakal dibahasna # Dihareup
dina bab af’al sing iyatna
Huruf
(نَوَاشِخْ) nu tukang
ngarobahna # Shugro tawa kubro
kaayaanana
(كَانَ) jeung dulurna (إِنَّ) jeung dulurna # Kitu deui (ظَنَّ) jeung kabeh dulurna
Huruf
(جَارْ) nu tukang
ngajeerkeunana # Huruf khofad atawa huruf
sumpahna
Geus tiheula
dibahas kabehanana # Dina ciri
pikeun kalimah isim nas
Kabeh Huruf
(مَعْنًى) dua
kabagina # Aya anu (عَامِلْ) jeung anu (عَاطِلْ) na
Anu (عَامِلْ) huruf nalika asupna # Kana kalimah bakal robah barisna
Anu (عَاطِلْ) huruf nalika
asupna # Kana kalimah sejen
angger ayana
Eta kalimah
moal robah barisna # Kitu
penjelasan Ulama Nahwu na
Tidak ada komentar:
Posting Komentar