Minggu, 25 September 2022

Nadzoman Jurumiyyah Bagian 3

 

* باب الكلام *

Ari kalam nurutkeun ahli nahwu na      # Perkara nu kumpul kayid nu opatna

Lapadz murokkab mufid reujeung wadlona      # Kudu kumpul syarat dina kalam na

 

Ari lapadz teh sora anu ngurungna        # Kana sawareh huruf Hija Iyyah na

Saperti lapad (زَيْدٌ) contona                    # Zay iya jeung dal huruf hija iyyah na

 

Murokkab teh perkara anu disusun       # Tina dua kalimah tawa leuwihan

Contona saperti (زَيْدٌ قَائِمٌ)                      # Tina kalimah isim fiil disusun

 

Mufid teh perkara nu mere faedah         # Hingga mutakallim jeung mustami’ repeh

Nu ngomong teu nuluykeun deui omongan # Nu ngadenge teu nanya deui omongan

 

Sabab mubtada na geus aya khobaran   # Kitu deui fi’il geus aya fa’ilan

Jeung syaratna oge geus aya jawaban    # Kitu kaayaan mufid sampurnaan

 

(زَيْدٌ قَائِمٌ) Mubtada khobaran                 # (قَامَ زَيْدٌ) Fi’il aya fa’ilan

(إِنْ قَامَ زَيْدٌ قَامَ عَمْرٌ) Contoan                  # Pikeun Syarat anu geus aya jawaban

 

Ari wadlo teh ngajadikeun lapadzna     # Supaya nuduhkeuna kana hartina

Bahasa arab anu ngandung hartina        # Sarta diucapkeun bari ngahajana

 

Babagian kalam eta aya tilu                   # Kalimah isim fiil harap katilu

Tegesna kalam disusun kunu tilu          # Dua kalimah tawa leuwih sing timu

 

Lamun kumpul isim fiil jeung harafna  # Eta dingaranan kalim ceuk ulama

(قَامَ زَيْدٌ) kalam henteu kalim na             # (إِنْ قَامَ زَيْدٌ) kalim teu kalam na

 

(قَدْ قَامَتِ الصَّلَاةُ) eta contona                  # Pikeun kalam jeung kalim keur pakumpulna

Qaol lapad nuduhkeun harti mutlakna  # Kalimah kalam kalim bisa asup na

 

Kalimah isim bisa dikanyahokeun        # Ku dua cara pek ku anjeun jalankeun

Hiji ku jalan nganyahokeun ta’rifna      # Nyaeta patokan kalimah isim na

 

Nyaeta kalimah anu nuduhkeun na       # Kana harti dina awakna sorangan

Ku zaman nu tilu henteu dibarengan     # Madli hal jeung istiqbal teu katerapan

Zaman madli waktu nu geus kaliwatan  # Zaman hal waktu nu eukuer karandapan

Zaman istiqbal waktu nu bakal datang  # Ulah asup kalimah isim sing terang

 

Dua ku jalan nganyahokeun cirina        # Khusus terap kana kalimah isimna

Ciri kalimah isim opat rupana               # Hayu urang sebutan hiji-hijina

 

Hiji khofad nyaeta jeer tungtungna        # Tingkah jeer dina tungtung kalimahna

Cara khofad bisa ku tilu jalan na           # Jadi majrur kaasupan huruf jar na

 

Huruf Tukang ngajeerkeun kalimahna  # Tawa huruf qosam paranti sumpahna

(مِنَ الْمَسْجِدِ) conto ku huruf jarna           # (وَاللهِ) conto make huruf  sumpahna

 

Atawa khofad ku jalan idlofatna           # Jadi mudlof ileh kaayaanana

(غُلَامُ زَيْدٍ) nu jadi contona                      # Mudlof ileh nyarande kana mudlofna

 

Atawa khofad ku jalan tawabe’ na        # Jadi sipat ataf taukid badal na

(بِزَيْدٍ أَخِيْكَ) jadi contona                        # Barisna nuturkeun kumaha matbu’ na

 

Ciri isim kadua aya tanwin na               # Nyaeta nun sukun di tuntung isim na

Ngan saukur aya dina ucapan na           # Euweuh dina waqof reujeung tulisan na

 

Ari tanwin eta opat kabagina                 # Tamkin ka-hijina tankir ka-duana

Tanwin muqobalah anu ka-tiluna         # Tanwin iwadl tanwin anu ka-opatna

 

Tanwin Tamkin tanwin kaayaanana      # Dina tungtung kalimah isim mu’robna

Salianti jama muannas salim na             # Lapadz (زَيْدٌ) eta jadi contona

 

Tanwin Tankir tanwin kaayaanana        # Dina tungtung kalimah isim mabni na

Ngarah beda ma’rifat jeung nakirohna  # Lapadz (سِبَوَيْهٍ) jadi contona

 

Tanwid Iwadl tanwin jadi gagantina      # Tina hurup isim atawa jumlahna

Lapadz (جَوَارٍ) eta jadi contona              # (جَوَارِيٌ) tanwin ngaganti hurufna

 

(كُلٌّ) conto ganti kalimah isim na           # (كُلُّ وَاحِدٍ) anu jadi asalna

(حِيْنَئِذٍ) conto ngagantian jumlah           # Ayat dalapan opat surat Waqi’ah

 

(حِيْنَئِذْ بَلَغَتِ الرُّوْحُ الْحُلْقُوْمَ)                       # Lapadz (حِيْنَئِذٍ) jadi gagantina

Tanwin jadi gaganti tina jumlahna        # ‘Iwadl ‘anil jumlah eta kasebutna

 

 

Tanwin muqobalah tanwin nu ayana    # Dina tungtung jama muannas salim na

(مُسْلِمَاتٌ) eta nu jadi contona                 # Ngabanding nun jama mudzakar salimna

 

Ciri isim katilu ku katerapan                 # Alif elam kalimah isim awalan

Zaidah maosul tawa ma’rifat na            # (اَلْكَلَامُ) eta nu jadi contona

 

Kalimah fi’il bisa dikanyahokeun         # Ku dua cara pek ku anjeun jalankeun

Hiji ku jalan nganyahokeun ta’rifna      # Nyaeta patokan kalimah fi’ilna

 

Nyaeta kalimah anu nuduhkeun na       # Kana harti dina awakna sorangan

Ku zaman nu tilu bari dibarengan         # Madli hal jeung istiqbal sok katerapan

 

Zaman madli waktu nu geus kaliwatan  # Zaman hal waktu nu eukuer karandapan

Zaman istiqbal waktu nu bakal datang  # Asup kalimah fi’il kade pohoan

 

Dua ku jalan nganyahokeun cirina        # Khusus terap kana kalimah fi’ilna

Ciri kalimah fi’il aya opat na                 # Hayu urang sebutan hiji-hijina

 

Hiji qod fi’il madli sok katerapan         # Fi’il mudore sami sok katerapan

Qod terap fi’il madli keur (لِلتَّحْقِيْقْ) na  # Pikeun nganyatakeun pagaweanana

 

(قَدْ أَفْلَحَ) eta nu jadi contona                  # Conto pikeun qod nu ma’na littahqiqna

Kitu deui qod fi’il madli (تَقْرِيْبْ) na      # Pikeun ngadeukeutkeun pagaweanana

 

Lapadz (قَدْ قُمْتُ) eta jadi contona          # Kitu deui qod pikeun (لِلتَّوَقُّعْ) na

Pikeun nibakeun dina pagaweana         # (قَدْ قَامَتِ الصَّلَاةُ) jadi contona

 

Ngan mun terap kana fi’il mudlore na   # Eta (لِلتَّقْلِيْلْ) pikeun nyaeutikeuna

(قَدْ يَصْدُوْقُ الْكَذُوْبُ) jadi contona            # Kitu deui (لِلتَّحْقِيْقْ) aya cirina

 

Pikeun nganyatakeun pagaweanana      # (قَدْ يَعْلَمُ) eta nu jadi contona

Kitu deui (لِلتَّكْثِيْرْ) ngalobakeun na        # (قَدْ نَرَى) eta anu jadi contona

 

Kadua sin saufa nu katiluna                  # Khusus terap kana fi’il mudlore na

(سَيَقُوْلُ) jadi conto sin tanfis na             # (سَوْفَ يَقُوْلُ) conto saupa taswif na

 

وَسِيْنُ تَنْفِيْسٍ تَدُلُّ الْقَرِيْبَةْ        # وَسَوْفَ تَصْوِيْفٍ تَدُلُّ الْبَعِيْدَةْ

Sin tanfis nuduhkeun zaman anu tereh  # Saufa taswif tuduh zaman lila keneh

Opat kaasupan ta ta’nis sakinah            # Ta anu sukun dina tungtung kalimah

Ta pikeun nuduhkeun kana muannasah       # Khusus pikeun fi’il madli geus merenah

 

Lapadz (قَالَتْ) eta ngajadi contona         # Ta ta’nis asup kana fi’il madli na

Paragat ciri keur kalimah fi’ilna            # Ngarah beda reujeung kalimah isim na

 

 

Kalimah haraf bisa dikanyahokeun       # Ku dua cara pek ku anjeun jalankeun

Hiji kujalan nganyahokeun ta’rifna       # Nyaeta patokan kalimah harap na

 

Nyaeta kalimah anu nuduhkeuna          # Kana harti dina salian awakna

Tegesna nempel kana awak sejen na     # Reujeung kalimah isim tawa fi’il na

 

Dua ku jalan nganyahokeun cirina        # Khusus terap kana kalimah harapna

Ciri kalimah haraf teu narimana            # Kana ciri kalimah isim fi’il na

 

Kalimah anu teu pantes narimana          # Kana ciri kalimah isim fi’ilna

Malah kalimah harap jadi cirina            # Pikeun kalimah isim tawa fi’il na

 

Ari huruf kabagi dua eusina                  # Ceuk Imam Gholayini dina kitab na

Kitab Jami’ud Durusul ‘Arobiyah        # Karangan kitab anjeuna geus katelah

 

Hiji (مَبْنًى) huruf anu dipakena               # Pikeun nyusun dina hiji kalimahna

Huruf hija iyyah dua dalapan na           # Sok dipake nyusun dina kalimahna

 

Dua (مَعْنًى) huruf nu teu sampurnana     # Mun teu nyambung jeung isim tawa fi’ilna

Eta nu dimaksud kalimah haraf na        # Dina nahwu jadi bagian kalam na

 

Huruf (مَعْنًى) dua dalapan eusina            # Hayu urang sebutan hiji-hijina

Huruf (نَفِيْ) pikeun ngaleungitkeunana  # (لَمْ) (لَمَّا) (لَنْ) (إِنْ) (مَا) (لَا) (لَاتَ) eusina

 

Huruf (جَوَابْ) eta pikeun ngajawabna    # (نَعَمْ) (بَلَى) (إِيْ) (جَيْرِ) (كَلَّا) (لَا) (إِنَّ)

Huruf (تَفْسِيْرْ) pikeun ngajelaskeunana  # (أَيْ) jeung (أَنْ) eta nu jadi eusina

 

Huruf (شَرَطْ) eta pikeun nyaratkeun na # (إِذْمَا) (إِنْ) jeung (لَوْ) jadi eusina

(لَوْلَا) (لَوْمَا) (أَمَّا) jeung (لَمَّا) na                  # Eta ge sami jadi huruf (شَرَطْ) na

 

Huruf (عِرْضِيْ) eta huruf keur nyindirna # (أَلَا) (أَمَا) jeung (لَوْ) eta eusina

Huruf (تَنْبِيْهْ) eta pikeun ngelingan na    # (أَمَا) (أَلَا) (هَا) jeung (يَا) jadi eusina

Huruf (مَصْدَرِيَّهْ) kalimah ba’da na          # Eta ngajadi ta’wil dina masdar na

(أَنْ) (أَنَّ) (كَيْ) (مَا) ngajadi eusina             # Kitu deui (لَوْ) (هَمْزَهْ تَسْوِيَهْ) na

 

Huruf (إِسْتِقْبَالْ) huruf keur nuduhkeuna      # Kana zaman keur pihareupeunana

(سِيْنْ) (سَوْفَ) (إِنْ) (إِذمَا) eta eusina         # (عَامِلْ نَوَاصِبْ) (لَامْ أَمَرْ) (لَا نَهْيِ) na

 

Huruf (تَوْكِيْدْ) pikeun nguatanana          # (أِنَّ) (أَنَّ) jeung (قَدْ) nu jadi eusina

(لَامْ إِبْتِدَاءْ) jeung nun dua taukid na       # Lam ba’da qosam eta sami eusina

 

Huruf (إِسْتَفْهَامْ) pikeun pertanyaan na   # (هَمْزَهْ) jeung (هَلْ) eta nu jadi eusina

Huruf (تَمَنِّيْ) pikeun ngarep-ngarep na   # Anu moal atawa hese buktina

 

(لَيْتَ) (لَوْ) jeung (هَلْ) jadi eusina            # Pikeun huruf (تَمَنِّيْ) kitu ayana

Huruf (تَرَاجِيْ) pikeun ngarep-ngarep na  # Nu diharep jeung mumkin dina buktina

 

Eusina mah ngan ukur hiji-hiji na         # Nyaeta (لَعَلَّ) nu jadi eusina

Huruf (إِشْفَاقْ) mikarempan perkarana   # Nu dipikangewa jeung sieun jadina

 

Eusina ge ngan ukur hiji-hiji na            # Nyaeta (لَعَلَّ) jiga Huruf (تَرَاجِيْ) na

Huruf (تَشْبِيْهْ) pikeun nyarupakeunana  # (كَافْ) jeung (كَأَنَّ) eta jadi eusina

 

Huruf (صِلَّهْ) huruf nu boga ma’nana     # Anu zaidah pikeun nguatanana

(إِنْ)(أَنْ)(مَا)(مِنْ) jeung (بَاءْ) nu jadi eusina # (صِلَّهْ) nu lain dina elmu tajwidna

 

Huruf (تَعْلِيْلْ) huruf pikeun ngelatan na # (كَيْ) (لِـ) (فِيْ) jeung (مِنْ) nu jadi eusina

Huruf (زَجْرٌ) eta huruf keur nolak na      # (كَلَّا) jadi eusi ngan hiji-hijina

 

Huruf (لَامْ) anu rupa-rupa eusina           # (لِـ) huruf jar (لِـ) amar (لَـ) ibtida na

(لِـ) bu’dun nu asup isim isyaroh na       # (لَـ) jawab (لَـ) qosam jeung (لِـ)lam juhud na

 

Huruf (تَاءْ تَأْنِيْثْ سَاكِنَهْ) nu asupna          # Khusus asup kana fi’il madli na

Huruf (سَكَتْ) eta Ha anu sukun na        # Anu milu dina tungtung kalimah na

 

Huruf (طَلَبْ) huruf pikeun pamentana   # Lam amar jeung La nahyi jadi eusina

Kitu deui Huruf Tahdidl jeung ‘Irdli na       # Huruf tamanni jeung huruf taroji na

Huruf (تَنْوِيْنْ) huruf nun anu sukun na   # Ngan saukur aya dina ucapan na

Euweuh dina waqof reujeung tulisan na# Diluhur geus dibahas kabehanana

 

Huruf (نِدَاءْ) huruf pikeun ngagerona     # Bakal dibahas dina bab munada na

Huruf (عَطَفْ)huruf pikeun nyambungkeun na # Sami dibahas engke dina atap na

 

Huruf (نَوَاصِبْ) tukang nganasabkeuna  # Huruf (جَوَازِمْ) tukang ngajazemkeuna

Duanana eta bakal dibahasna                # Dihareup dina bab af’al sing iyatna

 

Huruf (نَوَاشِخْ) nu tukang ngarobahna    # Shugro tawa kubro kaayaanana

(كَانَ) jeung dulurna (إِنَّ) jeung dulurna  # Kitu deui (ظَنَّ) jeung kabeh dulurna

 

Huruf (جَارْ) nu tukang ngajeerkeunana  # Huruf khofad atawa huruf sumpahna

Geus tiheula dibahas kabehanana          # Dina ciri pikeun kalimah isim nas

 

Kabeh Huruf (مَعْنًى) dua kabagina         # Aya anu (عَامِلْ) jeung anu (عَاطِلْ) na

Anu (عَامِلْ) huruf nalika asupna            # Kana kalimah bakal robah barisna

 

Anu (عَاطِلْ) huruf nalika asupna           # Kana kalimah sejen angger ayana

Eta kalimah moal robah barisna            # Kitu penjelasan Ulama Nahwu na


Nadzoman Jurumiyyah Bagian 3

  * باب الكلام * Ari kalam nurutkeun ahli nahwu na       # Perkara nu kumpul kayid nu opatna Lapadz murokkab mufid reujeung wadlona   ...